|
1. Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing = korma
2. Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing = pengis
3. Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan = pisin
4. Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing = umaing
5. Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding = asu
6. Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing = asu
7. Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui = anjing
8. Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi = tegal
9. Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit = buncit
10. Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati = énéng
11. Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis = ngoyok
12. Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari = bodo
13. Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih = pulus
14. Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi = lompong
15. Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati = walimah
16. Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung = iwung
17. Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan = séro
18. Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi kapal = udara
19. Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih = eurih
20. Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri = areng
21. Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit = elos
22. Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug = tajug
23. Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak = bayawak
24. Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi = merak
25. Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi = camar
26. Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik = akik
27. Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi = mengi
28. Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung = tipung
29. Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap = gelap
30. Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin = sekin
31. Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi = oray
32. Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita = kareta
33. Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui = darma
34. Bedug wedalan Eropa
abdi teu asa dipuji = tanji
35. Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi = ali
36. Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan = amismata
37. Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta = timah
38. Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli = gulali
39. Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti = roti
40. Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil = caruluk
41. Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis = halis
42. Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin = gelas
43. Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha = toké
44. Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti = lasun
45. Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh =
46. Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami = almenak
47. Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau = bagja
48. Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih = enggih
49. Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi = panglay
50. Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing = mantéga
51. Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana = duri
52. Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti = kasur
53. Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim = lém
54. Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing = hampelas
55. Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
56. Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari = Janwari
57. Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
58. Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani = Cikuray
59. Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli = gulali
60. Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung = payung
61. Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing = malim
62. Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati = cécéndét
63. Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik = balik
64. Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai = ager
65. Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri = langari
66. Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih = gigih
67. Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding = gumading
68. Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan = munara
69. Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati = kapal
70. Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. = kapal
71. Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit = rumahsakit
72. Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati = meri
73. Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri = meri
74. Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri = puyuh
75. Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing = kapokan
76. Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing = kamayung
77. Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah = langgar
78. Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela = kapal
79. Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu = kutu
80. Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi = kararas
81. Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi = pagi
82 Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping = emping
83 Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri = kitri
84 Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring = pasaran
85 Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami = semi
86 Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana = cara
87 Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih = eurih
88. Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati = gemet
89. Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring = jaat
90. Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris = hiris
91. Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak = bayawak
|