Jumat, 08 Maret 2013

Contoh Wawangsalan

1. Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing = korma
2. Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing = pengis
3. Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan = pisin
4. Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing = umaing
5. Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding = asu
6. Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing = asu
7. Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui = anjing
8. Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi = tegal
9. Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit = buncit
10. Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati = énéng
11. Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis = ngoyok
12. Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari = bodo
13. Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih = pulus
14. Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi = lompong
15. Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati = walimah
16. Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung = iwung
17. Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan = séro
18. Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi kapal = udara
19. Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih = eurih
20. Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri = areng
21. Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit = elos
22. Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug = tajug
23. Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak = bayawak
24. Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi = merak
25. Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi = camar
26. Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik = akik
27. Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi = mengi
28. Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung = tipung
29. Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap = gelap
30. Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin = sekin
31. Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi = oray
32. Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita = kareta
33. Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui = darma
34. Bedug wedalan Eropa
abdi teu asa dipuji = tanji
35. Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi = ali
36. Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan = amismata
37. Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta = timah
38. Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli = gulali
39. Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti = roti
40. Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil = caruluk
41. Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis = halis
42. Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin = gelas
43. Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha = toké
44. Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti = lasun
45. Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh =
46. Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami = almenak
47. Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau = bagja
48. Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih = enggih
49. Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi = panglay
50. Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing = mantéga
51. Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana = duri
52. Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti = kasur
53. Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim = lém
54. Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing = hampelas
55. Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
56. Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari = Janwari
57. Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
58. Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani = Cikuray
59. Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli = gulali
60. Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung = payung
61. Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing = malim
62. Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati = cécéndét
63. Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik = balik
64. Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai = ager
65. Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri = langari
66. Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih = gigih
67. Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding = gumading
68. Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan = munara
69. Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati = kapal
70. Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. = kapal
71. Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit = rumahsakit
72. Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati = meri
73. Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri = meri
74. Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri = puyuh
75. Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing = kapokan
76. Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing = kamayung
77. Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah = langgar
78. Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela = kapal
79. Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu = kutu
80. Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi = kararas
81. Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi = pagi
82 Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping = emping
83 Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri = kitri
84 Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring = pasaran
85 Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami = semi
86 Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana = cara
87 Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih = eurih
88. Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati = gemet
89. Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring = jaat
90. Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris = hiris
91. Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak = bayawak

92. Kadeuleu langir cainakayap-keyep anu geulis = keuyeup93. Kalapa bakalan minyaknu ampuh titis raspati = cipati94. Kalong leutik saba gedangsumedot rasaning ati = cocodot95. Kararas daun kalapateu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang96. Kasintu di sisi situnu hayang kawanti-wanti =97. Kauntun tipung katambang béaslaksana meunang ijasah = laksa98. Kebon paré dicaiansiwah niat jalir jangji = sawah99. Kembang biru di astanaabot pisah jeung kakasih = salasih100. Kembang bodas buah bunderngaheruk nya pipikiran = jeruk101. Kembang jambé kara beukahkumayangyang pikir abdi = mayang102. Kendang gedé pakaumandagdigdug rasaning ati = bedug103. Kertas kabur kaanginankumalayang pipikiran = langlayangan104. Ketuk leutik panayaganka abdi mah ningnang teuing = bonang105. Keuyeup gedé saba lautteu hadé liar ti peuting = kapiting106. Koja awi dihuaansageuy lamun teu kasorang = korang107. Kokotor saluar awakda sanés rek hiri dengki = daki108. Kota kuloneun Lampeganpurah-purah tunggu bumi =109. Kulit teuas tungtung ramobaku osok nganyenyeri = kuku110. Kuring mah kabedil langitda puguh matak kalinglap = gelap111. Kuring téh kamenyan konéngrumaos kawiwirangan =112. Kutu baju kuar sinjangmoal weléh tumarima = tuma113. Lahang abri dibotolanningal anu suka galih = cuka114. Laleur hideung panyeureudanngilari sakolong langit = reungit115. Lampu leutik tengah imahabdi samar méré idin = damar116. Lamun kapalupuh nangtunglamun jadi kapimilik = bilik117. Lancah cai di walunganengkang teu émut ka abdi = engkang-engkang118. Langgir cai leumpang ngijingkadeuleu kayap-keyepna = keuyeup119. Lauk panjang dina parungari émut merod pikir = berod120. Lauk rebing saba lautkarikari jalir jangji = pari121. Manuk apung saba eurihhaté asa didudutan = dudut122. Manuk hawuk beureum sukukatingal keur imut leutik = galatik123. Manuk lindeuk di buruankuring bati panas ati = japati124. Manuk lisung anu jaludagoan di pasampangan = jago125. Manuk renggé saba ulamhayang tepi ka ngajadi = caladi126. Manuk tukung saba gununguyuhan daék ka abdi = puyuh127. Maung tutul saba kasurdiri teu ngareunah cicing = ucing128. Méga beureum surupna geus buritngalanglayun panas pipikiran = layung129. Melak bangsal di kotakanwayahna dék sabar diri = nebar130. Mencek leutik saba alasabdi daék ngaréncangan = peucang131. Meri pendék ngojay hayamhenteu négtog pikir abdi = éntog132. Monyét hideung sisi leuweungsusah nu taya tungtungna = lutung133. Mun inget mangsi Malayuanjeun téh cinta ka kuring = tinta134. Mun jagan kadadar tipungupami kagungan rabi = surabi135. Nganyam bola jadi lawonpeupeujeuh kudu sing junun = ninun136. Nu dahar taya sésanangan asa dipoyok badis = ledis137. Nu gering geus rampus daharkuring mah mo payu deui = mamayu138. Nu nutu miceun huutnaMun awon moal ditampi = napi139. Nya buah ngacung ka luhurkuring mah sok panas ati = ganas140. Nya hujan taya eureunaabdi mah kalangkung ajrih = ngijih141. Nyeupan sangu tacan timusteu sanggup manggihan deui = gigih142. Nyiar paré tutukeuranteu pantes hayang ka abdi = nguyang143. Nyiru gedé wadah bangsalanjeun mah nsok sindir sampir = tampir144. Nyiruan genténg cangkéngnamasing mindeng pulang anting = papanting145. Pangcalikan tonggong kudakudu satia buméla = sela146. Paparem ngawurah ketanmokaha atuh da wargi = ragi147. Paribasa petis Cinahayang nepi ka cacapna = kécap148. Péso pangot ninggang lontaracan katuliskeun diri = nulis149. Péso patok kewung tungtunghayang kapiajang teuing = rejang150. Péso raut Cibarusasugan welas ka nu miskin = sekin151. Pileuleuyan kebo gunungngadadak tineung nya pikir = badak152. Piunjuk duméh rék wangsulsanés abdi rék cilimit = pamit153. Puguh mah ubar muriangnu hina leuwih ti misti = Kina154. Puter putih saba lemburkuring seja béla pati = japati155. Ranté ngait kana bajuMemang geus cumantél ati = cantél156. Salendro di papanggunganngomong kalepasan teuing = koromong157. Sanggal hideung saba rancatémbong léléwa nu manis = lélé158. Sangrayan peupeus meueusanulah jadi rengat galih = rengat159. Santri miskin geus marémantangtu tiis pikir abdi = pikir160. Sapikul katian Cinamalah kumplit sareng cingcin = dacin161. Séndok batok digagangangeus lawas abdi ngalayung = gayung162. Séréh leuweung turub saunghaté abdi panas peurih = eurih163. Situ bendung di Citarumgulang-guling ngan sorangan = Saguling164. Sok rajeun ngabuah kawungcuruluk cisoca bijil = curuluk165. Tegal tengah nagaralaun-laun sugan hasil = alun-alun166. Teu beunang dihurang sawahteu beunang dipikameumeut = simeut167. Teu beunang dipiring leutikteu beunang dipikaisin = pisin168. Teu beunang diopak kembungteu beunang dientong-entong = kolontong169. Teu beunang dirangkong kolongteu beunang dipikahayang = hayam170. teu beunang disihung tipungteu beunang dipapagonan = sasagon171. teu beunang disitu lemburteu beunang diulah-ulah = kulah172. Teu beunang disupa dulangteu beunang dibébénjokeun = kéjo173. Teu beunang ditihang pondokteu beunang dideudeuleukeun = deudeul174. Teu beunang ditiwu leuweungTeu beunang dipikasono = kaso175. Teu beunang diwaru leuweungTeu beunang diboro-boro = bisoro176. Teu puguh monyét hideungnateu puguh tungtungna = lutung177. Tepi ka kélor héjonatepi ka antukna = katuk178. Ulah sok kapiring leutikulah sok kaisinan = pisin179. Wadah minyak tiana belingjadi budak kudu getol = botol180. Walanda hideung soldaduumambon engkang ka nyai urang = Ambon181. Warisan sekin pusakahaturan nyai pribadi = bayawak sumber : http://titiksenyap.wordpress.com 

6 komentar:

  1. tehh kalo wawangsalan bogor,citarum,cireng,kalapa,bilik, apa?
    tolong bantu tehh

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun. Katampi pisan. Mampir juga di blog saya Hahuwa Blog atau Almustari Blog

    BalasHapus
  3. Hatur nuhun, kabantosan pisan Kangge ngerjakeun tugas..

    BalasHapus
  4. Meri lingas pamoroan - Tawis langgeng kapiati.

    BalasHapus
  5. Wawangsalan corona,batuk,pasen, dokter,gering

    BalasHapus